Urang nu kaleureusan dina mangsa ayeuna nuju dipercanten ngolah pakakas mangrupa Lembaga Pendidikan,etamah naha satingkat Dasar,Lanjutan ka hiji atanapi Lanjutan atas,sing kahade ulah salah nganiatan nana,heu'euh ari ngalisan mah karena Alloh,rellah tur sadrah sanajan ieu pagawean teh kacida talangke jeung hesena,mun kurang tahan namah sok aya kabejakeun nana aya salah saurang nu kasebatna ge guruna rajeun bawaning ku kesel,nepi ka wani nampilingan budak didikna kulantaran bandel.
Enya ieu mah nuju nyandak atikan sugan aya tirueun nilik ka dulur sorangan,numana anjeuna dangeut ayeuna keudah ngajejeran di hiji lembaga pendidikan satingkat lanjutan kahiji di pasisian lembur nu teubih ti kota kecamatan.
Ari lembaga pendidikan ieu teh hiji yayasan Swasta anu tujuan awalna mah ngiring ngabantos program pamarentah dina raraga PENCERDASAN ANAK BANGSA,oge nyatana ngabantos eta warga masyarakat anu teubih teuing para putra putri na anu tos keudahna leubeut ka SMP atanapi anu satingkat teh ka kota.
Dumasar kana eta kanyataan,alhamdulillah geuning ti saprak tahun 2001 kapungkur di kawitan teh dugi ka ayeuna masih keneh berjalan.
Tapi mun di reugeupkeun sacara nafsu mah,naha di jaman ayeuna teh rata rata teu di kota kota atawa di pasisian,anu ngaran na Lembaga Pendidikan teh rada kurang di perhatikeun sasaran pagawean pokok na.
Padahal maksud jeung tujuan utama na teh nyaeta rek nyerdaskeun,nyieun pinter barudak salaku generasi penerus ieu bangsa.
Tapi naha nya,heu,euh teu kabeh tiap lembaga pendidikan emang nage,nya aya diantarana we,nu jadi udagan nana teh nyaeta saloba loba na murid nu kudu daraek arasup jaradi murid di eta lembaga teh,sabab abeh geude meunang bantuan ti pamarentah mangrupa BOS jeung BSM,kajeun barudak murid mah rek bisa pinter atawa tetep dina bodoh na,nu pasti namah Lulus we engkena,meunang Kertas resmi we.
Hampura ieu mah su'udzhan uing...hik...hik..hik
Jeung ceuk pikiran nafsu abdi mah dina mangsa ayeuna teh masih keneh dina cara sabalikna,na nahaon eta teh? enya urang salaku guru atawa nu ka amanatan ti GUSTI kudu jadi jejer tea mah tos wujud jeung masih keneh terus di wujud wujud keun , nya nahaon atuh eta teh? heu,euh nyieunan anak bangsa nu kuduna eta budak TK ngabogaan paham budak SD,nu kuduna budak SD boga elmu budak SMP,nu kuduna budak SLA ngabogaan Budi Pekerti Profesor, ieu mah kalah sabalikna,na kumaha kitu ieu teh euy......asa rada nyucuk eta sangkaanteh.....
Coba we reugeup keun ku ilaing sorangan,yeuh pan ilaing teh gaduh gelar Sarjana,Master,doktor,profesor lain,turug turug pagawean aranjeun teh ngajar di......ieumah umpamana di SLA we lah, naha da etamah barudak didik aneh nu sakitu lobana teh rajeun palinter nalika geus anggeus waktuna diajar teh atawa lulus naonngaran na teh,derr....malah saling paraehan,palinter garelut anu teu puguh jeung salah kalakuan kapinteran nanateh.
Tah eta prak we pikiran,ari anu jadi ka agulan gelar we,tapi naha ari hasil pagawean bet ngawujudna boloho batan jalma nu teu di didik pisan.
Atuh ari kitu mah.....hampura ieu mah ceuk uing nu goreng sangka..............
ayeunamah nyieun sarjana anu ngabogaan elmu budak TK mah geus bukti ,gampang jeung masih keneh lumangsung we kitu lah.....
Tah atuh kumaha geura,sugan bisa,sugan bisaaaa.........ieu mah,yu atuh gera prak urang teh geura yieun barudak generasi penerus teh atuh ,ari jungkerengna budak TK ngan elmuna sarjana....
Ukh.....sok aya aya wae ieumah,mustahil atuh.......
Ihhhhh pan tadi ge susuganan, ngan ieumah ngingetan we atuh,mun teu kaliru mah baheula di taun 80 an mah nuju masih keneh aya SPG/PGA ah eta lulusan teh di tiginkeun dina kaahklian nana pagawean nana teh kudu ngajar we lah,cara jeung tarekah nateh di jejelan ku elmuna kumaha cara sangkan eta budak didikna nepi ka tepi tujuan nana,nyaeta elmu Ngajarna,Elmu Ngadidikna,jeung Elmu Ngalatihna .
Uhk nyaeta kiwari mah tuda kaseu,euran tanaga pengajar teh ari gelarna mah sarjana ngan elmu ngajarna DUIT wungkul......
Cape deh...!
Minggu, 29 Juni 2014
ALAM DUNYA JEUNG ALAM AKHERAT
Urang kumeuleundang dialam ayeuna nyaeta di dunya dina paripolahna urang dina IBADAH ( ihktiar ), eta kudu bisa ngahontal kahasilan geusan KAHIRUPAN DUNYA jeung KAHIRUPAN AKHERAT.
Dina enggoning ngahontal kahasilan ieu geusan dua kahirupan teh,Gusti Alloh entos masihan gambaran jeung siloka ka urang lewat Al Qur'an anu di hartikeun ku para mufassirin jeung para budiman karuhun urang.
Beda deui jeung para kaom anu teu percaya kana Al Qur'an mah,maranehna nganggap yen DUNYA ieu teh NYA TUJUAN NUJADI AKHIRNA,makana maranehna marangpang meungpeung,ngahalalkeun sagala cara,kasrakahan kana banda dunya,mentingkeun diri sorangan,bodo amat batur,HIRUPNA NGAN WUNGKUL KEUR KASENANGAN DUNYA.
Tah manusa kieu teh ku lantaran dirina teu percaya kana AL QUR'AN jeung KA POE AKHERAT,nya jelema jelema kieu teh baroga pamandegan," MEUNGPEUNG HIRUP DI DUNYYA,NYA URANG SENANG SENANG WE DI DUNYA MAH,GEUS PAEHMAH NYA ENGGEUS ATUH!".
Padahal dunya teh cirina ngan mangrupa ka heureuyan,katalangkean,reueus jeung agul rasa beunghar loba pakaya,harta jadi parebutan,kakayaan jadi udagan,dunya teh asa milikna sorangan.
Ari numutkeun sawangan jalma anu percaya kana Al Qur'an jeung poe akhir,bari eta kapercayaan nana teh terus di ihktiaran paham pahamna nu ngajadikeun dirina ka asup kana jalma TAQWA,yen hirup di dunya ieu teh ngan saukur cukang lantaran keur nepikeun urang ka alam akherat.
Salila urang hirup di dunya eta kudu ngumpulkeun bebekeulan keur hiji pilampaheun anu harese,taranggeul jeung jauh.
Nu jadi UNTUNG RUGI eta lain naon nu di PIBOGA atawa naon nu leungit tina kanikmatan dunya ieu,tapi nu jadi UKURAN teh nyaeta " KAREDHAAN jeung KAMURKAAN GUSTI ALLOH.
Kade ulah slah harti euy.........urang sabage kaom muslimin lain teu meunang ngumpulkeun harta banda,lain teu meunang ngarasakeun nikmatna dunya barana,lain kitu.......samalahanmah dina Al Qur'an Gusti Alloh SWT tos nganjurkeun supaya urang ulah mopohokeun kanikmatan dunya di sagedengeun urang ngudag ka bagjaan akherat,dua nana kudu sajajar jeung saimbang,nya eta teh aya dina surat Al Qashash surat ka 28 ayat nu ka 77.
Tah malahan tina ayat ieu karuhun urang mah tos ngingeutkeun yen urang kudu
1. Ulah bosen ihktiar
2. Salawasna nungtut elmu
3. terus nyiar harta
4, Rajin,sabar tur tawakkal

Sabtu, 28 Juni 2014
AKAL URANG
Lamun urang salawasna ngagunakeun akal keur mikir,maka beuki katara POEKNA diri urang sorangan,ngan beuki kasawang CAANG na dzat nu jadi lawan na,sabab urang bakal beuki wauh kana poek na,lamun urang teu wauh kana kaayaan anu caang.
Aya hiji dzat anu di sebut CAANG eta kasebutna teh lain ku sabab urang wauh jeung ngarti,tapi kusabab urang bisa nyebut caang teh sok sanajan geus ngarasakkeun ka ayaan anu poek di diri na sorangan anu tuluyna urang teu bisa deui nyebu ngaran dzat ka sebut kekecapan sacara kamapuhan manusa.
Jeung mun aya hiji jalma,boh di luar atawa di jero agama,anu HEUNTEU NGAJENAN ka ahkli Pikir Agama atawa sok di sarebut ahkli Filsafat,maka eta jalma teh cicirenna ka asup ahkli dholim jeung jalma bodo.
Jalma kieu teh teu nyaho kana elmu Agama jeung elmu Dunya atawa mun eta jalma teh boga elmu,nu pastina jiwana kotor,anu hartina teu NYAHO WALES BUDI atawa teu NYAHO NGANUHUNKEUN ( SYUKURAN).
Jeung ulah boga sangka yen ahkli pikir Agama teh di gawena demi ka untungan pribadina,jeung ulah nyangka yen manehna milih PAGAWEAN DINA AHKLI PIKIR AGAMA teh kusabab MAMPUH NANGKES PERKARA NU LIAN!
Anapon pagawean kitu teh heunteu ngan wungkul aya manfaatna keur maranehan nana anu ngarajenan oge manfaat keur sing saha bae anu nungtut elmu boh elmu Agama oge elmu Dunya.
Ari pagawean ahkli pikir Agama teh salawasna neangan ka ayaan anu beda,antara nu hade jeung nu goreng,adil jeung dholim,nu haq jeung bathal.
Ieu pagawean teh nu kacida beurat dina upaya jeung pagawean ieu teh lain ku sabab mikiran bakal ayanan ganjaran jeung pahala surga, tapi ku sabab YAQIN kumaha mulyana pagawean eta.
Elmu ieu anu katelah di Karuhun Urang mah nyaeta " DI AJAR WAUH KA DIRI SORANGAN."
Mun manusa geus cukup asak dina enggoning elmu ngukur dirina,tinangtu rarasaan jiwana jadi lemes tur tohaga.
Ulah nyangka hiji benda nu badag wujudna bakal geude kakuatan nana, keur jalma anu geus wauh ka dirina mah yen hiji dzat nu kasar teu sanggup nolak lamun di bentur ku dzat anu lemes.
Tapi inget yen lemes teh bisa di udag lamun urang daek heula meresihan diri,teu ka asupan ku kokotor, sabab KALEMESAN anu KOTOR BAKAL ELEH ku KALEMSAN anu BERESIH.
Al Qur,an dina surat Al A,laa surat ka 87 ayat ka 14, Gusti Alloh ngadawuhkeun, " Satemenna kacida untungna jalma anu meresihan dirina.".
Tah meresihan diri di dieu teh nya eta NGAJAGA AHLAQ jeung PASIEUPAN sarta PARIPOLAH ulah nepi ka NGALANGGAR HAQ boh haq di jero atawa di luar dirina sorangan.
Tah ku kituna hayu urang prak ti ayena pisan urang ngajaga sagala tingkah laku jeung ahlaq urang supaya teu ngalanggar kana sakumaha anu tos di tangtu keun ku Gusti Alloh.

Jumat, 27 Juni 2014
BUKTI SYUKURAN NANA DIRI
Ari djatina diri urang teh nyaeta FITRAH.
Nu utama tur sakeudahna dina salama urang kumeuleundang di ieu alam dunya,urang kudu tetep ngaraksa,ngarawat " Balikna Diri Urang kana FITRAHNA."
Jeung teu aya deui nu pang saena nu keudah di syukuran ku diri urang nyaeta " Wauhna Urang kana Djati Diri minangka Hambana Gusti Alloh nu sabenerna", sabab urang ari wauh ka diri dina djati na eta aya dina Fitrahna,eta teh bebas tina sagala dosa.
Peureunahkeun diri urang dina kahirupan! tah ieu teh parentah Gusti Alloh SWT,sakumaha Al Qur,an dina surat Ar Ruum ayat anu ka 30.
" Prak peureunahkeun ku anjeun jiwa raga anjeun dina agama,kalawan condong kana bener,eta teh minangka Fitrah Alloh,anu Alloh parantos nyiptakeun manusa aya dina eta Fitrah,saeutik ge moal aya parubahan kana ciptaan Alloh,tah eta AGAMA anu LEMPENG,tapi KALOBAAN MANUSA TEU NYARAHO!".
Ka deudeuh jeung ka asih Alloh eta bisa di kanyahokeun ku urang tina Parentah na Gusti Alloh ka urang nyaeta supaya urang meureunahkeun Diri dina Agama nyaeta ISLAM.
Ieu teh minangka jaminan ti Gusti Alloh,yen kahirupan manusa bakal tinemu jeung ka salametan tur karaharjaan,asalkeun Islam tetep jadi ceuceukeulan jeung papagon dina kahirupan.
Sabalikna mun urang sakadar Agama Islam ieu di jadikeun papesan carita jeung rarangken biwir,tegesna ngan di aku jeung di omongkeun wungkul,teu aya karep jeung upaya ngalarapkeun jeung di jadikeun papagon dina kahirupan sapopoena,tangtuna kahirupan nana eta bakal pinuh ku pirang pirang rereged jeung kasangsaraan Bathin,bakal karasa jeung katara dina kahirupan nana.
Dina Al Qur,an surat Ar Ruum ayat ka 30 tadi tea,mungkasna eta ayat nyaeta Alloh nguningakeun yen manusa kalobaan teu ngarti kana Ajaran Agama Islam.
Ku kituna hayu ti ayeuna pisan urang sarerea geura prak nyiar ilmu anu hubunganan nana jeung Agama Islam.
Jeung kudu inget,sing saha anu tos boga ilmu ka Agama an,tapi ngan wungkul akuan jeung papaesan biwir wungkul,malah ngabalieur tina ilmuna eta,mangka Gusti Alloh nyaurkeun dina Al Qur,an surat Thoha ayat ka 124,:" Sing saha jalma anu ngabalieur tina pepeling Kaula,mangka pikeun maranehna bakal ngalaman kahirupan anu sempiit."
Ku kituna supaya urang tiasa ngaraksa Fitrah diri urang mangka cara nyaeta geura prak ti ayeuna NGAJAUHAN SAGALA RUPA PAMAKSIATAN JEUNG PAMUSRIKAN,PABID,AHAN JEUNG PAMUNKARAN.
Mugi Gusti Alloh nu Maha Suci maparin kakiatan ka urang sadaya pikeun miara Fitrah urang sadaya.
Amiin.

Langganan:
Komentar (Atom)