Lamun urang salawasna ngagunakeun akal keur mikir,maka beuki katara POEKNA diri urang sorangan,ngan beuki kasawang CAANG na dzat nu jadi lawan na,sabab urang bakal beuki wauh kana poek na,lamun urang teu wauh kana kaayaan anu caang.
Aya hiji dzat anu di sebut CAANG eta kasebutna teh lain ku sabab urang wauh jeung ngarti,tapi kusabab urang bisa nyebut caang teh sok sanajan geus ngarasakkeun ka ayaan anu poek di diri na sorangan anu tuluyna urang teu bisa deui nyebu ngaran dzat ka sebut kekecapan sacara kamapuhan manusa.
Jeung mun aya hiji jalma,boh di luar atawa di jero agama,anu HEUNTEU NGAJENAN ka ahkli Pikir Agama atawa sok di sarebut ahkli Filsafat,maka eta jalma teh cicirenna ka asup ahkli dholim jeung jalma bodo.
Jalma kieu teh teu nyaho kana elmu Agama jeung elmu Dunya atawa mun eta jalma teh boga elmu,nu pastina jiwana kotor,anu hartina teu NYAHO WALES BUDI atawa teu NYAHO NGANUHUNKEUN ( SYUKURAN).
Jeung ulah boga sangka yen ahkli pikir Agama teh di gawena demi ka untungan pribadina,jeung ulah nyangka yen manehna milih PAGAWEAN DINA AHKLI PIKIR AGAMA teh kusabab MAMPUH NANGKES PERKARA NU LIAN!
Anapon pagawean kitu teh heunteu ngan wungkul aya manfaatna keur maranehan nana anu ngarajenan oge manfaat keur sing saha bae anu nungtut elmu boh elmu Agama oge elmu Dunya.
Ari pagawean ahkli pikir Agama teh salawasna neangan ka ayaan anu beda,antara nu hade jeung nu goreng,adil jeung dholim,nu haq jeung bathal.
Ieu pagawean teh nu kacida beurat dina upaya jeung pagawean ieu teh lain ku sabab mikiran bakal ayanan ganjaran jeung pahala surga, tapi ku sabab YAQIN kumaha mulyana pagawean eta.
Elmu ieu anu katelah di Karuhun Urang mah nyaeta " DI AJAR WAUH KA DIRI SORANGAN."
Mun manusa geus cukup asak dina enggoning elmu ngukur dirina,tinangtu rarasaan jiwana jadi lemes tur tohaga.
Ulah nyangka hiji benda nu badag wujudna bakal geude kakuatan nana, keur jalma anu geus wauh ka dirina mah yen hiji dzat nu kasar teu sanggup nolak lamun di bentur ku dzat anu lemes.
Tapi inget yen lemes teh bisa di udag lamun urang daek heula meresihan diri,teu ka asupan ku kokotor, sabab KALEMESAN anu KOTOR BAKAL ELEH ku KALEMSAN anu BERESIH.
Al Qur,an dina surat Al A,laa surat ka 87 ayat ka 14, Gusti Alloh ngadawuhkeun, " Satemenna kacida untungna jalma anu meresihan dirina.".
Tah meresihan diri di dieu teh nya eta NGAJAGA AHLAQ jeung PASIEUPAN sarta PARIPOLAH ulah nepi ka NGALANGGAR HAQ boh haq di jero atawa di luar dirina sorangan.
Tah ku kituna hayu urang prak ti ayena pisan urang ngajaga sagala tingkah laku jeung ahlaq urang supaya teu ngalanggar kana sakumaha anu tos di tangtu keun ku Gusti Alloh.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar