Lamun rahmaan rahiim Alloh SWT di ukur ku kadunyawiahan , tah bakal boka sangkaan kana kaayaan manusa anu nyatana beda beda.
Nya diantaranya manusa teh aya nu beunghar aya nu malarat,aya nu susah aya nu senang,aya nu sampurna aya nu cacat,sigana mah cek pikiran nafsu,Gusti Alloh teh teu adil.pilih kasih,samalahan mah eta kaom anu teu Iman ka Kang jeng Nabi Muhammad SAW,bangsa kafir samalahan hirupna teh katingali senang jeung beunghar .
Dina hal ieu urang kade kudu hati hati,ulah nepi ka kaliru,jeung ngarasa sirik ka bangsa lain eta nu hirupna sarua benunghar ceunah.
Dawuhan Gusti Alloh SWT," Mangkana harta banda jeung anak anak maranehan nana ulah jadi panarik hate anjeun!
saenyana Gusti Alloh mikahoyong kalawan masihan harta banda jeung anak anak teh keur nyiksa maranaehan nana dina kahirupan di dunya jeung jaga bakal ngalayangnyawamaranehan nana,sedengkeun maranhan nanadina ka ayaan kafir."
Al Qur'an 9 At Taubat ayat 55
Naha urang teu ma'lum keneh yen Pangasih Gusti Alloh teh sa enyanadi bikeun ka sakabeh mahlukna,malahan eunggeus di bikeun kalawan kacida loba na kadiri urang sorangan.Naha heunteu karasa?
Dawuhan Gusti Alloh SWT," Jadi nikmat gusti anjeun nu mana nu ku anjeun di apilainkeun ?".
Al Qur'an surat A Rahmaan ayat ka 18
Gusti Alloh tos masihkeun sagala kamurahan nana ka sakumna mahluk,ka asup ka sato,sakabehna dibere kacukupan tanpa aya kajaban,sewang sewangan saluyu jeung martabatna.
Jadi anu mana wae ka asih Alloh teh?
Pangasih Alloh teh syareatna geus di bikeun ka urang mangrupa Wujud,diantarana anggahota Badan urang,leungeun jeung suku,pangangseu jeung paninggal,pangrungu jeung pangucap sarta budi jeung akal.
Pangasih ti Gusti Alloh tadi di bikeun sarua tur rata ka sakabeh mahlukna,lain pangasih rezeki nu mangrupa banda jeung harta sabab masalah rezeki ieu mah beda beda,aya nu gede aya nu leutik.
Dawuhan Alloh SWT," Alloh lah nu nyiptakeun anjeun,ngajadikeun ngajadikeun keur anjeun Pangrungu,Paninggal jeung Hate,tapi ngan sa eutik nu syukuran,"
Al Qur'an Al Mulk 67:23
" Jeung Alloh geus nyiptakeun ingon ingon keur anjeun didinya aya bulu nu ngahaneutkeun jeung rupa rupa mnfaat,jeung sabagean na dahareun anjeun".
Al Qur'an An Nahl 16.:5
Masalah rezeki ieu gumantung kana puteran nana,misalna lamun anggahota badan urang di gunakeun sacara benar benar keur usaha,kalangeunan,ihtiar,tangtu bakal ngahasilkeun nu saluyu jeung pagawean urang,ka untungan nu muceukil.
Tapi jalanna kasenangan tadi kudu ngaliwatan rupa rupa kasulitan,urang kudu ngamanfaatkeun ka murahan Alloh kalawan daya pikir nu kuat jeung ngalaksanakeun nana kalawan daria.
Dawuhan Alloh SWT," Jeung Gusti Alloh ngadawuh,"Prak ngado'a ka kaula pasti kaula bakal ngaijabah keur anjeun."
Al Qur'an Al Mu'miin 40:60
Tidak ada komentar:
Posting Komentar